Wilujeng Sumping di Blog Paguyuban Pasundan Melbourne-Victoria.

Blog ieu didamel kanggo ngaraketkeun urang sunda nu aya di Victoria khususna, sareng sakumna urang sunda nu aya di Australia.

Paguyuban Pasundan di Melbourne teh komunitas nu merhatoskeun pisan kana kalungguhan budaya Sunda utamina di antawis komunitas-komunitas nu aya di Australia    

Mangga diantos ka para wargi nu minat kanggo nulis di ieu blog tiasa ngahubungi para pangurus:
pangurus_pandan@yahoogroups.com

Kanggo Milis anggota:

pasundan_victoria@yahoogroups.com

Nuhun

Cocoretan

Cocoretan teh hobi abdi jaman kokoboyan jaman CHOLA ( chokor ladog ), BBC (buah batu Boy Club) , Mediba ( meleng dikit bacok cengcelengan budak) etamah teu sirikna unggal sakolaan, jalanan, tembok2, pager2, pinuh ku seratan Chola,ka jongkojongko tukang bubur sareng tukang soto seep ku seratan Chola, sakali mangsa pun biang ka pasar, naatuh gantawang teh , Ade kadieu eta si hola dimana mana saha tateh anu cocoretan kitu teh, saur abdi teh teterang etamah barudak beling, sareng tukang bendi ( beca ) bari ngaleos sieun kapanggih, sakieu we heula cik tiasa teu.


Wassalam , Ade F
Category:

0 Komentar:

Post a Comment